Lamsijan

Beja ti Mitoha kuring, cenah sabulan katukang Lamsijan indit ngumbara ka Cikampek. Di ditu manehna panggih jeung nu ngaranna A'in Tohir. Teuing kumaha maranehna ujug-ujug akur, samalah si Lamsijan diaku dititah cicing di imah A'in bari teu kudu mayar kontrakan. Jigana mah pedah A'in ngarasa cop tur deukeut jeung Lamsijan, da pira ge kahalangan ku Ghin, Fe, Qof jeung Kaf! 


Ngan orokaya, kituna teh nimbulkeun kacurigaan masyarakat sekitar. Kusabab duanana lalaki cicing sa imah, kesanna teh aya 'sesuatu' ( sok sanajan teu 'banget', da lain bako! ). Katambah duanana boga ngaran tina huruf Hijaiyyah! soalna lamun jelema nu ngaranna tina huruf Hijaiyyah, tur cicing babarengan ceuk JROSH WR. BRUSH mah, disinyalir mudah 'meledak' atau 'meledakkan' karena mereka mengandung C4 atawa TNT ( sakurang-kurangna Pottasium Nitrat ), cenah eta oge, ceuk nu Burung! cenah mah 'Islam identik dengan BOM!'. Padahal di Islam mah Euweuh BOM !. 

Paling aya oge BAM, BIM atawa BUM, mun lain Mim Sukun tur Gunnah berarti Iqlab! benerr teuuuu!! ( lanjuuut...) 

Hiji mangsa Lamsijan narima surat ti kolotna, saperti biasana unggal bulan. Teu ku hanteu Lamsijan dikerewek kunu dibaraju hideung! cenah mah menurut Ndoro Sus, maranehna teh sudah sedemikian mencurigakan. Hal ieu diperkuat ku opini Jeng Sus, anu nganyataken kieu, " Masa hari gini masih Surat-menyurat, kan ini zamannya SMS, MMS, BBM dan e-Mail. Pasti ini ada 'apa-apanya'", cenah. Nu akhirna berdasarkan laporan Ndoro Sus katut Jeng Sus, si Lamsijan dikerewek tur Suratna dirampas ku Nden Sus bari tuluy dibawa ka Pentagon ( ngan kusabab Pentagon na kaburu diratakeun, cenah mah di bawa ka BAAK ). 

Kacaritakeun saanggeus di bawa, si Lamsijan katembong cingogo di juru sel kalawan ekspresina jiga nu Galau! manehna inget wae kana surat anu teu kaburu kabaca da dirampas tea, Sok sieun surat teh mawa beja kapapait, pedah surat anu samemehna si Abah ngabejaan kondisina keur henteu Fit ( bubuhan dilemburna euweuh nu dagang Mizone, euy! ). Ngan teu kungsi lila torojol petugas nyampeurkeur bari mikeun surat tea. Lamsijan puguh weh atoh, surat teh teu loba omong deui terus ditarima. Tapi gondok oge saenggeus kanyahoan yen surat teh enggeus aya nu muka. Da sok sanajan enya oge surat teh masih tertutup rapat, tapi aya kejanggalan yen surat teh geus dibuka tuluy di elem deui, katingali amplop teh sawareh make elem warna hideung! bubuhan di kantor eta mah warna hideung geus jadi ciri khas... teu burung we tungtungna mah ku si Lamsijan dibaca, anu eusina surat teh kieu : " Kahatur, dst. Assalm ,dst. ....Lamsijan, mun bisa maneh gura-giru balik heula. Bantuan Abah, meungpeung rada Jagjag Abah rek Maculan kebon nu di pipir, malah mun ka bedag mah nu di lamping oge sakalian... bla-bla-bla...". ditungtungan ku " Wasslm, Abah maneh!.".... Terus weh si Lamsijan nyieun surat balesan. Kusabab si Lamsijan nyaho yen surat balesanana ge pasti bakal disensor, antukna nulis surat balesan anu eusina kieu : " Bah, kuring moal bisa tereh-tereh balik. Omat, Abah ulah wawanianan maculan Kebon sosoranganan, boh anu di pipir atawa nu di lamping, sabab kuring didinya ngubur Beceng jeung Molotov..." Wanci ba'da dinner, selang dua minggu ti harita Lamsijan narima surat ti kolotna anu di bikeun ku petugas, eusina teh kieu, " Syukur Jang, sok sanajan ilaing teu bisa balik kebon anu Paculaneun teh beres kabeh, dipaculan ku babaturan maneh anu ngabring tea. Alarus gawena mah sigep tur taliti pisan euweuh nukaliwat, malah mah maculanna ge dua balikan bari di tengoan sagala da meureun bisi teu lantis. Ngan edas we maracul teh meuni di karupluk kawas dek ngaronda... Wslm, Abah maneh." NB: ( Nuluykeun Bieu, red. ) " Ngan omat, Minggu harep mah maneh kapaksa kudu balik, sabab si Eta anu Biasa tea arek datang ka imah, pan." 

Si Lamsijan ngahuleng, maneh na inget yen Minggu herup teh pan jatuh tempo pikeun mayar renten tur bungana tiap bulan, mangka ning sabulan ieu mah manehna teh teu gawe, da ngaringkuk di pangberokan.. ngan teu kungsi lila si Lamsijan seuri sorangan, bari getrut weh nulis surat anu eusina kieu, " Bah, lamun si Bang Tabong minantuna Ma Dami datang ka imah bejakeun, leuwih hade manehna langsung indit heula ka luar kota, atawa mun bisa mah kaluar pulo, tong balik deui ka imahna anu di Babakan nu puntaseun kacamatan nu aya tangkal balingbing tea. sok sanajan saukur arek mawa salin. Tong salempang kituh, da kuring mah moal buka mulut..."

Sumber dari FB Temanku Dedi N. Sunantara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar