Carita Lucu Sunda


Aya saabrulan cucurut bikang balik arisan. Di satengahing perjalan galecok ngobrol.
"Bulan hareup pun anak nu awewe rek kawin. Alhamdulillah, pisalakieunana teh pilot," ceuk cucurut bikang nu rada lintuh nyarita ka baturna.
"Kawin ka pilot ? Asa teu ngandel ?" tembal cucurut bikang nu sejenna.
"Naha make teu ngandel, yeuh tempo fotona !" ceuk cucurut nu rada lintuh bari nyokot foto tina loketna, song diasongkeun ka babaturanana.
"Mana pilot ? Lain pilot, ieu mah ... lalay ?" tembal baturna bari ngehkey seuri.

"Ema, ari nu melak pare saha ?" ceuk Ocad nanya ka Ceu Ikoh.
"Patani," tembal Ceu Ikoh.
"Ari nu ngala lauk di laut, terus dijieun asin saha ?"
"Nelayan,"
"Ari nu ngajarkeun jalma jadi pinter saha ?"
"Guru,"
"Ari nu nganteurkeun urang ka tempat anu jauh saha ?"
"Supir,"
"Ari nu mantuan Ema ngalahirkeun saha ?"
"Paraji,"
"Ke, geuning kabeh ge batur nya ? Terus ari Si Bapa gawe naon bae atuh ?" ceuk Ocad bari kerung.
"Ema, ari Ocad asalna ti mana ?" ceuk Ocad nanya, bari melong beungeut Ceu Ikoh.
Ceu Ikoh teu waka ngajawab, kalah silih pelong jeung Kang Suryana.
"Kieu, Cad. Asalna mah Bapa teh kawin ka Ema. Terus Ema teh kakandungan. Ari nu nyababkeun kakandungan teh tepungna bapa sareng ema. Ocad teh dikandung dina jero beuteung Ema lilana salapan bulan, nya lahir Ocad," ceuk Kang Suryana mangnembalankeun.
"Ih, geuning saur Ceu Tini mah asalna ti Tasik ?" tembal Ocad semu bingung.
"Abdi mah muji, ningal Bapa sareng Ibu, ti barang lebet ka mall teras pacepeng-cepeng panangan. Leres-leres nembongkeun kulawarga anu harmonis," ceuk saurang satpam di hiji mall nyarita ka Kang Suryana jeung Ceu Ikoh anu leumpang bari pacekel-cekel leungeun.
"Ih, pacekel-cekel leungeun teh lain dumeh harmonis, sabab lamun leungeun Bapa dileupaskeun, si Ibu mah bakal terus balanja," tembal Kang Suryana bari beuki pageuh nyekelan leungeun Ceu Ikoh.

Geus jadi kabiasaan, lamun hayang sapatemon teh Kang Suryana sok noel Ceu Ikoh bari ngaharewos "Urang teteleponan yu !". Tapi lantaran pasea jeung geus saminggu teu patanya, waktu aya kahayang, Kang Suryana nitah ka Ocad, pokna "Ka indung maneh bejakeun, Bapa hayang nelepon kituh !".
Teu kungsi lila Ocad geus norojol deui, "Ceuk Si Ema, moal bisa nelepon Pa, sabab euweuh sinyal ?" ceuk Ocad laporan.
"Mun kitu, bejakeun ka indung maneh, Bapa rek nelepon di luar we ?".
Buru-buru Ocad nyampeurkeun Ceu Ikoh nu keur masak di dapur. Teu lila nepungan deui Kang Suryana, terus laporan.
"Ceuk Si Ema, lamun Bapa bener-bener rek nelepon di luar, cenah Si Ema sakalian rek muka wartel !"
Waktu kotak sumbangan ngaliwat ka hareupeunana, Kang Suryana ngusiwel ngaluarkeun dompet, nyokot duit rebuan salambar, terus diasupkeun kana kotak. Memeh kotak diiderkeun deui ka nu sejen, aya anu noel ti tukang bari ngasongkeun duit ratusan rebu dua lambar. Bari nyerengeh, Kang Suryana nampanan eta duit, terus diasupkeun kana kotak.
Rengse Jumaahan, Kang Suryana nanya ka jalma nu tadi ngasongkeun duit tea. "Naha mani ageung-ageung teuing ngalebetan kotak sumbangan teh ? Mani dua rartus rebu ?"
"Ih, da sanes artos abdi. Apan eta artos teh ragrag tina loket Bapa," ceuk eta jalma nerangkeun.
Kang Suryana ngadadak puyeng, terus pingsan di emper masjid.
"Ustad, abdi bade naroskeun. Apan Ustad kantos nyebatkeun yen kanyaah pangeran teh aya anu didugikeun ka urang dina bentuk ujian. Tah, waktos abdi kamari udur saminggu, naha eta teh mangrupa kanyaah pangeran anu didugikeun ka abdi dina bentuk panyakit ?" ceuk Kang Suryana nanya ka Ustad.
"Ih, sanes. Eta mah bentuk kanyaah pangeran ka dokter, supados nambihan pangasilanana," tembal Ustad daria naker.
"Ocad, geuning anak ucing teh paeh ?" ceuk Kang Suryana siga nu kaget.
"Apan ku abdi diseuseuh, eh ... dimandian ngangge rinso," tembal Ocad.
"Naha nepi ka make paeh kieu ?"
"Waktos nuju dirinsoan mah teu nanaon, mung waktos nuju dipeureut, eta anak ucing ujug-ujug paeh" ceuk Ocad daria naker.

"Naon nu karaos teh ?" ceuk dokter nanya ka Kabayan.
"Abdi teh gaduh kabingung, unggal tabuh 6 enjing-enjing sok kahampangan ?" ceuk Kabayan bari neuteup beungeut dokter."
"Ih, eta mah normal ?"
"Sareng unggal-unggal tabuh 7-na, abdi sok kabeuratan ?"
"Eta oge normal. Kahampangan sareng kabeuratan anu lancar, nuduhkeun sistim pencernaan sareng metabolisma awak urang sae. Teu kedah dijantenkeun masalah ?"
"Ari kanggo abdi mah janten masalah ageung Dok, margi abdi gugah bobona tabuh 9 !" ceuk Kabayan siga nu era.
Waktu Ocad keur marab domba, jol Pa Camat.
Pa Camat : Sok diparab naon dombana, Cad ?
Ocad : Domba nu hideung atanapi nu bodas, Pa ?
Pa Camat : Nu hideung ?
Ocad : Sok diparab jukut.
Pa Camat : Ari nu bodas ?
Ocad : Sami, sok diparab jukut.
Pa Camat : Sabaraha kg beuratna, Cad ?
Ocad : Domba nu hideung atanapi nu bodas, Pa ?
Pa Camat : Anu hideung ?
Ocad : Nu hideung mah 40 kg.
Pa Camat : Ari nu bodas ?
Ocad : Sami, 40 kg.
Pa Camat (keuheul) : Ke, naon sababna unggal ditanya ku Bapa Ocad sok nanya deui anu hideung atawa nu bodas, geuning jawabanana mah sarua ?
Ocad : Ih, apan benten nu gaduhna. Ari nu hideung mah domba nu abdi.
Pa Camat : Ari nu bodas ?
Ocad : Sami, nu abdi keneh.

Kabayan boga niat hayang nyandung. Lantaran ngomong satarabasna mah bisi Nyi Iteung ngambek jeung teu ngidinan, nya nulis sajak. Unina:
Iteung, beubeulahan hate.
Upama Iteung teh bumi, nya Akang panonpoena anu nyaangan unggal waktu.
Mangka inget, Akang anu salawasna nyorotkeun cahaya
kadang-kadang ngalantarankeun bumi silo.
Saterusna akang perlu nyebutkeun, yen Gusti Alloh teh teu nyiptakeun bumi wungkul, tapi jeung planet-planet nu sejenna.
Eta planet teh sami, pada-pada perlu kasinaran.
Jadi, Iteung sing rela upama Akang boga maksud hayang nyinaran
planet nu sejenna.
Kanyataan kitu teh mangrupa kodrat, nu kudu ditarimakeun ku Iteung.
Sabada maca eta sajak, gutrut Ceu Iteung ngajawab ku sajak deui. Unina:
Kang Kabayan, panutan Iteung.
Upami Akang leres panonpoe anu salamina nyumirat ka satungkebning bumi kalawan adil, Iteung rela cahaya Akang disumorotkeun ka planet nu sanesna.
Namung Iteung apal, gagaduhan Akang mah apan sanes panonpooe, mung saukur LILIN PONDOK, anu nyaangan kamar urang oge kakalicesan, lir bohlam 5 watt.
Kacindekanana, upama Akang rumasa mung gaduh LILIN PONDOK, ulah nyoba-nyoba hayang nyandung, bisi DIKETIG !!!
"Mogok, Pa ?" ceuk Ocad nanya ka bapa-bapa anu keur menerkeun mobilna.
"Enya, setirna ngala ka kenca," tembal eta bapa-bapa.
"Ih, sae keneh ngala ka kenca setir mah. Janten upami ti Bandung Bapa bade ka Garut, ke mobil teh bakal dugina ka Sumedang. Tah di Sumedang Bapa tiasa ngaborong tahu," ceuk Ocad teu kireum-kireum.
"Ari Ujang kungsi dibanting ku koncri roda ?" ceuk eta bapa-bapa siga nu napsu.

dikutip ti http://www.poztmo.com/2013/04/cerita-lucu-bobodoran-sunda.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar